Tanbih Pangersa Abah Sepuh Bahasa Sunda
Ieu
pangeling-ngeling ti Pangersa Guru Almarhum, Syaikh Abdullah Mubarok bin Nur
Muhammad, panglinggihan di Patapan Suryalaya Kajembaran Rahmaniah. Dawuhanana
khusus kangge ka sadaya murid-murid pameget, istri, sepuh, anom, muga-muga sing
ginanjar kawilujengan, masing-masing rahayu sapapanjangna, ulah aya kebengkahan
jeung sadayana.
Oge nu
jadi Papayung Nagara sina tambih kamulyaananan, kaagunganana tiasa nagtayungan
ka sadaya abdi-abdina, ngauban ka sadaya rakyatna dipaparin karaharjaan,
kajembaran, kani’matan ku Gusti Nu Maha Suci dlohir bathin.
Jeungna sim kuring nu jadi pananyaan Thariqah Qadiriyah Naqsabandiyah, ngahaturkeun kagegelan wasiat ka sadaya murid-murid poma sing hade-hade dina sagala laku lampah, ulah aya carekeun Agama jeung Nagara.
Jeungna sim kuring nu jadi pananyaan Thariqah Qadiriyah Naqsabandiyah, ngahaturkeun kagegelan wasiat ka sadaya murid-murid poma sing hade-hade dina sagala laku lampah, ulah aya carekeun Agama jeung Nagara.
Eta
dua-duanana kawulaan sapantesna samistina, kudu kitu manusa anu tetep cicing
dina kaimanan, tegesna tiasa ngawujudkeun karumasaan terhadep agama jeung
nagara ta’at ka Hadorot Ilahi nu ngabuktikeun parentah dina agama jeung nagara.
Inget sakabeh murid-murid, ulah kabaud ku pangwujuk napsu, kagendam ku panggoda
syetan, sina awas kana jalan anu matak mengparkeun kana parentah agama jeung
nagara sina telik kana diri bisi katarik ku iblis anu nyelipkeun dina bathin
urang sarerea. Anggur mah buktikeun kahadean sina medal tina kasucian :
Kahiji
:
|
ka
saluhureun ulah nanduk boh saluhureun harkatna atawa darajatna, boh dina
kabogana estu kudu luyu akur jeung batur-batur.
|
Kadua
:
|
ka
sasama tegesna ka papantaran urang dina sagala-galana ulah rek pasea,
sabalikna kudu rendah babarengan dina enggoning ngalakukeun parentah agama
jeung nagara, ulah jadi pacogregan pacengkadan, bisi kaasup kana pangandika :Adzabun
alim”, anu hartina jadi pilara salawasna, tidunya nepi ka akherat (badan
payah ati susuah)
|
Katilu
:
|
Ka
sahandapeun ulah hayang ngahina atawa nyieun deleka culika, hentau daek
ngajenan, sabalikna kudu heman, kalawan karidloan malar senang rasana gumbira
atina, ulah sina ngarasa reuwas jeung giras, rasa kapapas mamaras, anggur
ditungtun dituyun ku nasehatr anu lemah lembut, nu matak nimbulkeun nurut,
bisa napak dina jalan kahadean.
|
Kaopat
:
|
Kanu
pakir jeung miskin kudu welas asih someah, tur budi beresih, sarta daek mere
maweh, ngayatakeun hate urang sareh. Geura rasakeun awak urang sorangan
kacida ngerikna ati ari dina kakurangan. Anu matak ulah rek kajongjonan
ngeunah dewek henteu lian, da pakir miskin teh lain kahayangna sorangan, estu
kadaring Pangeran.
|
Tah kitu
pigeusaneun manusa anu pinuh karumasaan, sanajan jeung sejen bangsa, sabab
tungal turunan ti Nabi Adam a s. Numutkeun ayat 70 surat Isro anu pisundaeunana
kieu : “ Kacida ngamulyakeunana Kami ka turunan Adam, jeung Kami nyebarkeun
sakabeh daratan oge lautan, jeung ngarijkian Kami ka maranehanana, anu aya di
darat jeung lautan, jeung Kami ngutamakeun ka maranehanana, malah leuwih utama
ti mahkluk anu sejenna.”
Jadi harti ieu ayat nyaeta akur jeung batur-batur ulah aya kuciwana, nurutkeun ayat tina surat Al-maidah anu Sundana: “ Kudu silih tulungan jeung batur dina enggoning kahadean jeung katakwaan terhadep agama jeung nagara, soson-soson ngalampahkeunana, sabalikna ulah silsih tulungan kana jalan perdosaan jeung permusuhan terhadep parentah agama jeung nagara.”
Jadi harti ieu ayat nyaeta akur jeung batur-batur ulah aya kuciwana, nurutkeun ayat tina surat Al-maidah anu Sundana: “ Kudu silih tulungan jeung batur dina enggoning kahadean jeung katakwaan terhadep agama jeung nagara, soson-soson ngalampahkeunana, sabalikna ulah silsih tulungan kana jalan perdosaan jeung permusuhan terhadep parentah agama jeung nagara.”
Ari sebagi
agama, saagamana-saagamana, nurutkeun surat Alkafirun ayat 6: “agama anjeun
keur anjeun, agama kuring keur kuring”, surahna ulah jadi papaseaan “ kudu akur
jeung batur-batur tapi ulah campur baur ”. Geuning dawuhan sepuh baheula “
Sina logor dina liang jarum, ulah sereg di buana”. Lamun urangna henteu
kitu tangtu hanjakal diakhirna. Karana anu matak tugeunah terhadep badan urang
masing-masing eta teh tapak amal perbuatanana. Dina surat An-nahli ayat 112 diunggelkeun
anu kieu : “Gusti Allah geus maparing conto pirang-pirang tempat, boh
kampungna atawa desana atawa nagarana, anu dina eta tempat nuju aman sentosa,
gemah ripah loh jinawi, aki-kari pendudukna (nu nyicinganana) teu narima kana
ni’mat ti Pangeran, maka tuluy bae dina eta tempat kalaparan, loba kasusah,
loba karisi jeung sajabana, kitu teh samata-mata pagawean maranehanana”.
Ku
lantaran kitu sakabeh murid-murid kudu arapik tilik jeung pamilih, dina nyiar
jalan kahadean lahir bathin dunya akherat sangkan ngeunah nyawa betah jasad,
ulah jadi kabengkahan anu disuprih “cageur bageur”. Teu aya lian pagawean urang
sarerea Thariqah Qadiriyah Naqsabandiyah amalkeun kalawan enya-enya keur
ngahontal sagala kahadean dlohir bathin, keur nyingkahan sagala kagorengan
dlohir bathin, anu ngeunaan ka jasad utama nyawa, anu dirungrung ku pangwujuk
napsu, digoda ku dayana setan. Ieu wasiat kudu dilaksanakaeun ku sadaya
murid-murid, supaya jadi kasalametan dunya rawuh akherat.
Patapan, 4 Suryalaya, 13 Februari
1956
Ieu Wasiat kahatur ka sadaya akhli-akhli
Ieu Wasiat kahatur ka sadaya akhli-akhli
(KH.A Shohibulwafa Tajul Arifin)
Ulah ngewa ka ulama sajaman
Ulah nyalahkeun kana pangajaran batur
Ulah mariksa murid batur
Ulah medal sila upama kapanah
Kudu asih ka jalma nu mikangewa ka maneh
Comments
Post a Comment